ningali leuwi meuni paur
ningali leuwi di ciapus
copas sisindiran teu kedah naur
cekap seratkeun "ku etikush"

======================================

================================================
KUMPULAN SISINDIRAN SUNDA KU etikush
================================================

upami di bumi mah, abdi teh katelahna eti,
nanging nami lengkep mah aya kapanjangannana,
eti kush....................

eta oge alesannana naha nami blog teh dinamian etikush.

abdi teh dibabarkeun di bogor, asli bogor, da ema, bapa, aki, nini ge urang bogor....
eh, aya ketang, aki ti bapa nu linggih di bandung,

kapungkur ge ema kantos pesen,
usahakeun nikah teh ka urang sunda deui,
alhamdulillah diparengkeun ku ALLAH SWT,
nikah sareng urang sunda.

si AA ge urang sunda asli,
sabab aki nini na ge da ti tangkolo, rancah, ciamis.


sanajan abdi saratus persen urang sunda,
pun lanceuk ge urang sunda,
nanging basa sunda teh meuni asa karagok.

ku kitu na karya abdi nu nganggo basa sunda teh sakedik pisan,
sabab basa sunda abdi teh nya kitu...
teu ka kidul teu ka kaler....

tuda di bogor mah basa na "lu-gue"
komo abdi mah bogor na ge caket ka jakarta,
jadi weh, asa sesah pisan nyerat dina basa sunda,
entong deui nyerat, nyarios ge asa baringung.

sakapeung mah sok alim ngadamel tulisan nganggo basa sunda deui,
komo upami abdi ningal aya sisindiran kenging abdi,
naha dipajang-pajang teu nganggo "ku etikush".

upami leres gaduh niat miara sastra sunda,
naha geuning kitu....
meuni teu dicantumkeun pangarang na.
(upami leres teu teurang nu ngarang na, naha teu ditambihan "ku noname")

pun nini teh sering ngaharewoskeun ka abdi,
yen urang sunda mah emang sering teu dianggap ku urang bangsa sejen....

tapi geuning urang nu ngaku sunda ge,
aya wae nu teu nganggap ka sasama urang sunda,

mugi janten emutan dina waktos copas sisindiran atanapi copas tulisan abdi nu sejen na,

hatur nuhun,
mugi ALLAH SWT marengkeun urang sadaya tiasa teras ngamumule sastra sareng budaya sunda...
Aamiiin...

:)

sisindiran budaya sunda (pang sering na di copas)